MATERI RESENSI BAHASA SUNDA (MATERI PANGAJARAN DIDAMEL KU ATIK PUTRI UTAMI)


MATÉRI RÉSÉNSI

A.    HARTI RÉSÉNSI
Sacara etimologis, kecap resensiasalna tina basa Latin, nya éta tina kecap revidere atawa recensere. Résénsi (recensere,recencie,review) nya éta tulisan nu eusina manmgrupa tinimbangan ngeunaan kualitas hiji buku. Résénsi ogé dihartikeun minangka tulisan anu eusina ngeunaan penilaian kana hiji karya, saperti karya anu mangrupa buku carita pondok atawa carpon, novel, seni drama, atawa film. Dina nulis résénsi aya kapunjulan, aya kéhéngkéran sarta informasi nu kudu ditepikeun ka masarakat.

B.     TUJUAN RÉSÉNSI
Résénsi miboga tujuan pikeun:
·      Mikawanoh kana kapunjulan sarta kahéngkéran tina bahan nu dirésénsi (boh buku, boh film).
·      Méré gambaran ka pamaca sarta sawangan umum tina hiji karya kalayan ringkes.
·      Méré saran ka panulis nu mangrupa kritikan kana eusi, substansi tur cara nulis buku/skenario film.
·      Mikawanoh kana kasang tukang sarta alesan medalna éta buku atawa tayangna éta film.
·      Nguji kualitas buku/film jeung ngabandingkeun kana karya séjénna.

C.    MANGPAAT RÉSÉNSI
Salian ti miboga tujuan, résénsi ogé miboga mangpaat nya éta:
a.       Pikeun sarana tinimbangan
Méré gambarana sarta mangaruhan ka nu maca kana éta karya (alus henteuna éta karya pikeun jadi bahan bacaeun/tontoneun)
b.      Pikeun sarana promosi buku/film
Buku/film nu dirésénsi biasana nya éta buku anyar nu can pernah dirésénsi. Ku kituna, ieu hal bisa dijadikeun salah sahiji cara pikeun promosi nepi ka éta buku/film leuwih dipikanyaho ku balaréa sarta leuwih laku di pasaran.
c.       Pikeun mekarkeun kréativitas
Leuwih sering urang nulis, tangtuna waé bakal leuwih ningkatkeun kaahlian urang dina widang nulis. Ku cara urang sering ngarésénsi buku/film, sacara teu langsung urang bisa mekarkeun kamampuh urang dina nulis.

d.      Nilai ékonomis
Faktana, ngarésénsi téh bisa dijadikeun sumber pikeun néangan panghasilan, ku cara urang sering ngarésénsi buku/film utamana anu can pernah dirésénsi, sarta sanggeus dirésénsi éta buku/film jadi best seller.

D.    RUPA-RUPA RÉSÉNSI
Résénsi dibagi jadi 3 rupa, nye éta:
1.    Informatif, nya éta résénsi ngan saukur nepikeun sacara ringkes sarta umum tina sagemblengna eusi buku.
2.    Déskriptif, nya éta résénsi anu ngabahasa sacara rinci kana unggal bagian atawa bab tina éta bahan résénsi.
3.    Kritis, nya éta résénsi anu ngabahas sacara rinci kalayan ngagunakeun metodologi élmu pangaweruh anu tangtu. Éusina biasana objéktif sarta kritis dina ngajén eusi buku.

E.     UNSUR RÉSÉNSI
1.      Judul
Judul résénsi kudu saluyu jeung eusina supaya leuwih ngirut sarta jadi nilai tambah pikeun bahan bacaeun.
2.      Nyusun data buku
Data buku disusun kalayan:
·      Judul buku
·      Pangarang
·      Pamedal
·      Taun medal sarta citakanna
·      Harga buku
3.      Eusi résénsi buku/film
Ieu bagian ngajelaskeun ngeunaan synopsis buku kalayan kutipan singget sarta kapunjulan tur kahéngkéran buku, rumusan rangkay buku ogé basa nu digunakeunna.
4.      Panutup résénsi buku/film
Dina bagian panutup biasana ngajelaskeun ngeunaan alesan kunaon éta buku ditulis sarta keur bacaeun saha éta buku téh.

F.     LÉNGKAH-LÉNGKAH NYIEUN RÉSÉNSI
a.        Ngarésénsi Buku
1.    Milih buku nu rék dirésénsi, alusna mah buku anu loba dibaca (best seller).
2.    Maca kalayan gemet tur imeut buku nu rék dirésénsi. Carana bisa ku cara maca sababaraha balikan.
3.    Nyatetkeun hal-hal anu pikatajieun jeung anu kurang pikatajieun tina eusi buku.
4.    Nyatetkeun pamanggih atawa sawangan, naha éta buku téh payus tur gedé manpatna henteu keur bacaeun balaréa.
5.    Tuliskeun judul résénsi ku cara nuliskeun idéntitas buku (judul, pangarang, pamedal (penerbit), taun medal, kandel buku, warna jilid buku jeung jilid kertas).
6.    Susunan raraga résénsi anu rék ditulis, upama kieu:
·         Jenis buku nu rék dirésénsi, naha fiksi atawa non fiksi
·         Nuliskeun idéntitas buku
·         Medar ngeunaan eusi buku
·         Medar ngeunaan kaunggulan jeung kahéngkéran eusi buku
·         Medar ngeunaan mangpaat buku keur bacaeu balaréa
·         Ngajudulan résénsi

b.        Ngarésénsi Film
1.    Lalajo film nu rék dirésénsi sing daria. Alusna mah film anu anyar kénéh.
2.    Nyatetkeun guluyuran carita (galur) atawa adegan-adegan penting anu matak pikatajieun tina éta film. Kitu deui caritakeun hal-hal anu kurang pikaresepeunana.
3.    Nyatetkeun pamanggih atawa sawangan, naha éta film téh payus tur gedé manpatna henteu keur tongtonan balaréa.
4.    Tulis judul résénsi ku cara nuliskeun idéntitas film nu dirésénsina (judul, palaku utama, sutradara, produser, rumah produksi nu ngaluarkeun éta film, nu nulis naskah, lilana (durasi), jeung jenis filmna naha kaasup horror, drama, action, jsb).
5.    Susun rangkay résénsi nu rék ditulis.
6.    Jenis film nu rék dirésénsi
·         Nuliskeun idéntitas film
·         Medar ngeunaan carita dina film, ti mimiti galurna jeung tokoh-tokohna
·         Medar ngeunaan kaunggulan jeung kahéngkéran film
·         Medar ngeunaan mangpaat film keur tongtonan balaréa.
·         Ngajudulan résénsi.

G.    SISTEMATIKA RÉSÉNSI
Sistematika résénsi:
1.    Judul résénsi: judul résénsi kudu bisa ngajadikeun nu maca kataji.
2.    Idéntitas buku: judul buku, pengarang, penerbit, taun terbit, jumlah kaca, harga buku.
3.    Bubuka: bisa medar ngeunaan pengarang, ogé bisa ngawanohkeun buku.
4.    Eusi résénsi: bisa dimimitian ku synopsis, saterusna mere tinimbangan ngeunaan kaonjoyan, punjulna (kelebihan) sarta kahéngkéran buku.
5.    Panutup: tinimbangan ka nu maca naha éta buku téh pantes pikeun dibaca atawa henteu.



Komentar

Posting Komentar