Postingan

MATERI RESENSI BAHASA SUNDA (MATERI PANGAJARAN DIDAMEL KU ATIK PUTRI UTAMI)

MATÉRI RÉSÉNSI A.     HARTI RÉSÉNSI S acara etimologis, kecap resensiasalna tina basa Latin, nya éta tina kecap  revidere  atawa  recensere . Résénsi (recensere,recencie,review) nya éta tulisan nu eusina manmgrupa tinimbangan ngeunaan kualitas hiji buku. Résénsi ogé dihartikeun minangka tulisan anu eusina ngeunaan penilaian kana hiji karya, saperti karya anu mangrupa buku carita pondok atawa carpon, novel, seni drama, atawa film. Dina nulis résénsi aya kapunjulan, aya kéhéngkéran sarta informasi nu kudu ditepikeun ka masarakat. B.      TUJUAN RÉSÉNSI Résénsi miboga tujuan pikeun: ·       Mikawanoh kana kapunjulan sarta kahéngkéran tina bahan nu dirésénsi (boh buku, boh film). ·       Méré gambaran ka pamaca sarta sawangan umum tina hiji karya kalayan ringkes. ·       Méré saran ka panulis nu mangrupa kritikan kana eusi, substansi tur cara nulis buku/skenario film. ·       Mikawanoh kana kasang tukang sarta alesan medalna éta buku atawa tayangna éta film. ·